Jumat, 06 Agustus 2010

biantara

DIHANDAP IEU MANGRUPI LALAGUAN HASIL KARYA KANG YAYA SUMANTRI PANARATAS DAMAS DI KABUPATEN KUNINGAN LAGU-LAGU IEU DI HANDAP DI CIPTAKEUN JEUNG DI PAKE DINA TIAP ANGKATAN MIMITRAN DAMAS MUGI MUGI ANJEUNA TIASA TETEPBERKARYA

OMAT ANJEUN (2010)

OMAT ANJEUN (2010)

Itu saha nu kataji
Diiket bari dipangsi
Damas Damas ngarana
Paguyuban nu kakoncara
Garareulis wanojana
Dipimeumeut ku jajaka
Damas Damas ngarana
Paguyuban nu balarea
Reff :
Di Kuningan Damas teh kakara aya
Sabenerna ngadegna teu acan lila
Omat anjeun najan kakara ka Damas
Nu penting mah kudu nyunda kudu nyunda
Ceuk beja mah Sunda teh muatan lokal
Sabenerna Sunda mah sa-Nusantara
Omat anjeun ulah gedag kaanginan
Tong pundungan waka kacopan
Cipt : Kang Yaya Sumantri

JANGJI BUKTI (2009)

JANGJI BUKTI (2009)
Kuring kedal jangji
Abus Damas satulus ati
Kuring kedal jangji
Makalangan bela pati

Lain ukur jangji
Meungkeut geugeut kiwari bukti
Inget purwadaksi
Bisi kasilih ku junti

Reff :
Hayu batur hayu batur
Urang ngaropea lembur
Khade Sunda tisungkur
Urang ronjatkeun sing ma’mur 2X
Ka hyang widi neja sukur (panutup)

Cipt : Kang Yaya Sumantri

BEBER JANGJANG (2009)

BEBER JANGJANG (2009)

Rempug sauyunan dina perjuangan
Baris ngahiji dina kulawargi
Damas rek disorang
Ulah ragu bingbang
Da kusaha lamun lain ku urang

Tandangna potengtang
Meberkeun jangjangna
Ngapung ngawang-ngawang
Bangun taya karingrang

Cipt : Kang Yaya Sumantri

LAMBARAN HAREPAN (2009)

LAMBARAN HAREPAN (2009)

Di Damas urang babakti
Nyangreudkeun ligar saati
Muga wening galih jungjunan
Lalayaran sapaguyuban

Cisoca ngucur ngarea
Urang leumpang mapag harepan
Isuk jaga kusaha boa
Ngebetan anyar lambaran

Reff :
Saringset sing parageuh iket
Geura deukeut mangka paheut sangkan layeut
Saringsing sing parageuh kancing
Montong tucking urang nyaring Damas ginding
2X

Cipt : Kang Yaya Sumantri

PARENG NGAHIJI (2008)

PARENG NGAHIJI (2008)

Malem minggu urang datang babarengan
Mimitina mimitraan
Ngeusi ati wawanohan
Nu moal rek pipisahan

Pasini pareng ngahiji
Bajoang keur ngagumati
Ki Sunda nanjeur ngajadi
Mayana saksi kabukti

Sanajan ukur samporet
Waktu the meni nyireret
Sono jero asa deet
Nu penting urang geus apet


Cipt : Kang Yaya Sumantri

LINGGAJATI PANINEUNGAN (2008)

LINGGAJATI PANINEUNGAN (2008)

Linggajati panineungan
Harita basa mimitran
Asih munggaran
Babarengan sabeungkeutan

Damas tandang makalangan
Nanjeurkeun kabudayaan
Jeung kasenian
Sunda wewengkon Kuningan

Bokor nu jadi wiwitan
Lemah lempar dengdek ngetan
Trah padjadjaran
Landasan pajoangan


Cipt : Kang Yaya Sumantri